Kamis, 27 Januari 2011

Nepikeun Informasi Ka Balarea


USUM HALODO


Assalamu’alaikum wr.wb.

Sakedap deui usum halodo panjang bakal datang, sim kuring salaku bupati kabupaten Kuningan bade ngabewarakeun ka sadaya warga kabupaten Kuningan.

Akibat usum halodo panjang sumur saraat, ku kitu na cai kudu diirit ulah dipake ku hal-hal nu teu pati penting. Cai ledeng oge dijadwal ngocorna the, ku sabab eta kudu adil ulah hayang ngeunah sorangan. Upamana cai ledeng disedot ku pompa tapi batur teu kabagian. Cai tina mobil tangki PDAM oge kudu dibagi, sangkan sarerea kabagian.

Pasokan listrik ngurangan, ku sabab PLTA jadi orot. Lamun kagiliran taya aliran, lingkungan jadi paroek. Kudu waspada bisi aya hal-hal nu teu dipikaharep jeung ningkatkeun penjagaan keamanan lingkungan, diantarana ku cara sabilulungan ngaayakeun siskamling.

Di lingkungan pamukiman anu kondisi imahna pateteep kudu waspada dina ngajaga imah, bisi kahuruan. Mun rek ninggalkeun imah kompor kudu dipariksa deui. Bisi hurung keneh, kitu deui ngaduruk runtah ulah terus ditinggalkeun samemeh seuneuna pareum mah.

Sambungan kabel listrik kudu dipariksa, bisi aya nu muka sabab gampang nimbulkeun konslet anu engkena bisa nimbulkeun kahuruan. Sikep sabilulungan sakumna warga kudu leuwih ditingkatkeun. Para ketua RT jeung RW kudu remen ngontrol lingkungan, lamun aya hal-hal anu teu dipikaharep kudu geuwat lapor ka kalurahan jeung instansi ilanna.

Sakitu bae bewara ti sim kuring salaku bupati nu nyepeng tanggung jawab di kabupaten ieu. Semoga aya manfaat nu ngalimpah tina ieu bewara. Sakitu bae, sateuacanna nuhunkeun pangampuraan lamun aya kasalahan sim kuring dini pengecapan.

                                           
                                                                                               Wasalammu’alaikum wr. wb.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar